Minggu, 31 Mei 2015

Menulis Random 1 Juni 2015

Menulis setiap hari??
Apakah saya bisa? Tapi saya ingin ikut? Bagaimana kalau saya tidak bisa? Saya belum punya pengalaman banyak!!

Pertanyaan-pertanyaan itu yang menghantui fikiran ku saat melihat postingan #menulisrandom2015 . tapi perlahan saya banyak membaca buku dan melihat postingan-postingan teman seperjuangan lainnya, saya sudah mulai bisa menjawab pertanyaan diri saya sendiri dengan kata ‘mencoba’
Meski banyak teman-teman  di sekeliling saya tidak mendukung saya untuk menjadi seorang penulis tapi entah mengapa keinginan untuk menulis itu tidak bisa lepas dari fikiran saya hingga sampai pada saat ini.

1 Juni 2015 adalah awal dari pembelajaran menulisku yang rutin. Bersama @Nulisbuku dengan hastag #NulisRandom2015 membuat fikiran ku terbuka dan aku harus menyelesaikan misi ini hingga 30 Juni nanti. Meski entah apa yang akan aku tulis nanti nya tapi aku tetap ingin menulis.
Semoga di tengah perjalanan nanti tak satu hari pun aku lewatkan, mari menulis dan tuangkan imajinasimu di dalam sebuah kertas putih kosong. Dan temukan pengalaman baru dengan pelajaran yang bisa kita dapat setiap hari nya.

Mari Menulis...
Fighting :D :D

Go go go Semangaaattttt!!!!!

#NulisRandom2015

Selasa, 12 Mei 2015

teater sunda "kabogoh pibojoeun"

Kabogoh Picarogeeun

Kacaritakeun dina hiji desa, aya hiji kulawarga anu basajan. Sakabeh tina anggota kulawarga eta nyaeta mung lima urang istri. Enok, anak cikal Umi Mumun tos pernah nikah tapi dicerekeun kusabab krisis ekonomi dina kulawargana. Enuy keuheul dina kajadian anu nimpa tetehna. Hiji deui anu bungsu boga rupa nu geulis,budak Smp keneh geus boga kabogoh.
Dina hiji mangsa....
Enuy            :     “Mi, kunaonnya hirup urang teh nalangsa-nalangsa teuing?”
Umi              :     “Nya tos takdirna meureun nuy. Tapi sanajan urang jalma teu boga, urang tong ngahajakeun mementa ka batur. Kedah ngabogaan harga diri”
Nini              :     “Matakna neangan pibojoeun teh nu beunghar, supaya bisa ngarubah kahirupan urang!”
Enok             :     “Tapi nu utamana oge, Enuy kudu cinta kudu bogoh ka jalmina jeung jalmi eta oge cinta bogoh ka Enuy.”
Entin             :tah bener pisan teh,nu utama namah kudu cinta. (Entin asup ngarewaskeun kabehan)
Nini              :     “Halah naon si cinta? Siga nu enya wae ngomong cinta. Enok ge miheulakeun cinta tapi tungtungna? Keukeuh we sangsara. Malah dicerekeun ku salaki pan ayeunamah!”
Enok             :eh ari nini, enok mah beda caritana atuh ni.
Entin             : Entin da anu tara di nyenyeri lalaki mah nya nin?
Nini              : ah naon atuh maneh Entin,budak keneh tong waka bobogohan..
Umi              :     “Atos atuh, Nin. Kunaon jadi ngaleret ka dinya ieu teh?”
Nini              :     “Ieu yeuh, budak maneh,si Enuy teh geus gede tapi can kawin. Boga kabogoh ge hanteu. Daek budak  jadi parawan kolot?”
Enuy            :     “Amit-amit atuh Nin tong dugi ka kitu. Muhun-muhun. Engke Nuy milarian kabogoh lah. Picarogeun sakalian.”
Enok             ;     “Ah Enok ge bade ngabantosan kanggo milarian pibojoeun ah kanggo Enuy.”
Nini              :     “Kade tong nu kere siga urut salaki maneh Nok.”
Umi              :     “Engke Umi ge bade milarian ah kanggo pibojoeun Enuy,nya Nuy.”
Entin             :  ah babaturan entin mah barudak keneh tuda, ica mah moal mantuan teteh milarian jodoh ah..
Enuy            :     “Haduh janten ngarepotkeun ieu teh.ieu si Entin deui pipilueun”
Entin             : kieu kieu ge Entin teh nyaah ka teteh hambih teteh tereh nikah tereh boga salaki siga batur.

Enjingna, waktos Enuy nuju icalan gorengan sareng tetehna, Enok, aya hiji pameget anu ngancik dina hatena. Sateuacanna...
Entin             : tiiseun pisan dagang gorengan teh atuh ieu teh nya teteh
Enok             :syukuri we Tin,isukan ge arurang bakal sukses.
Enuy             :si Entin mah loba omong tuda
Ray               :     “Gorengan..gorengan..”
Enok             :     (teu ngadangu)
Entin             :teteh itu aya nu bade meser sugan
Enuy            :     “Teteh itu aya nu bade meser gorengan.”
Enok             :     “Oh muhun-muhun.”
Ray               :     “Bala-bala sabarahaan?”
Enok             :     “Sarebuan kang.”
Ray               :     “Meser sapuluh atuh teh.”
Entin             : alhamdulillah aya oge rezeki... mangga sok kang
Enok             :     (ujug-ujug hapena disada)
Enok             :     “Nuy, teteh bade nampi telpon heula. Panglayanankeun atuh.”
Enuy            :     (ngalamun/ teu ngajawab)
Enok            :     “Nuy, nuy, ENUY!”
Entin             :teh enuy... tong ngalamun
Enuy            :     “Oh muhun-muhun teh.”
Enok             :     “Ey ari maneh. Ieuh, teteh bade nampi telpon heula. Ieu panglayanankeun heula ku Enuy.”
Enuy            :     “Muhun, teh”
Enuy            :     “Sakumaha kang?”
Ray               :     “Sapuluh we, teh.”
Enuy            :     “Ah mani teteh nyebat teh. Ieu, Kang.”(Imut teu puguh ka Raymond)
Ray               :     “Muhun atuh. ENENG.” (ngabales imut Enuy)

Poe ka poe,  unggal sonten, Raymond sok ngajak Enuy ka kebon enteh caket bumina. Malah mah aranjeunna tos bobogohan ayeuna. Rina aheng ningal adina nu unggal sonten kaluar bumi jeung mung alesan bade ameng.
Enok             :     “Ari Enuy unggal sonten sok ameng kamana?”
Entin             :enya ih si teteh ayena mah sok ulin wae,kamana teteh?
Enuy            :     “Ka kebon enteh.”
Enok             :     “Sareng saha?”
Entin             :sareng kabogohnya meren teh,deudeuh teteh boga kabogoh..
Enuy            :     “naon atuh Entin,budak keneh nguruskeun kabogoh .. Sareng Kang Ujang teh.”
Enok             :     “Kang ujang mana ieu teh?”
Enuy            :     “Kang ujang anu basa eta meser bala-bala sapuluh.”
Entin             :anu mana nya teh?
Enok             :     “Seueur atuh nu meser bala-bala sapuluh teh.”
Enuy            :     “Itu nu kasep, nu basa eta Nuy ngalamun teu puguh dipayuneunnana.”
Enok             :     “Oh emut.emut. Ari Enuy teh bogoh ka Ujang?”
Enuy            :     “Tos bobogohan meureun, Teh.”
Enok             :     “Wah? Nya tos ue, teteh teu kedah milarian pibojoeun kanggo Enuy ari Enuy tos kenging mah.”
Enuy            :     “Nya muhun atuh Teh.”

Dina hiji wanci, Nini Bahri ngadatangan H.Sobar, juragan angkot di kampungna. Maksadna mah bade ngajodokeun incuna sareng putra H.Sobar. Sabab H.Sobar oge ngagaduhan putra kaluaran ti Universitas kawentar di luar negeri.
Nini              : assalamualaikum
Abah             :waalaikumsalam
Nini                    :  “Kumaha kabarna, Pak Haji?”
Abah                  :  “Alhamdulillah. Lebet Nin.”
Nini              : hatur nuhun pak haji
Abah             : buu ambuu,,enggal kadieu nyandak cai aya Nini Bahri.
Ambu           : uhun abah...
Abah             : neng atos hla amengna neng,enggal kadieu salim ka Nini
Eneng           : ih baruk aya nini (buru-buru salim ka nini bahri)
Nini              : eh eneng tos ageung ayena mah,, aa aya di dieu neng?
Eneng           : aya nin,, duka nuju kamana ayena mah
                     Asup ambu isitrina abah mawa cai jang nini bahri
Ambu           :nini kamana wae tara nganjang kadieu
Nini              :nini mah tos teu kiat Indit jauh atuh da ambu,, ieu ge kadieu aya kapriyogian
Ambu           : aya kapriyogian naon nini teh?
Nini                    :  “Dadanguan teh bapak sareng ibu haji gaduh putra anu teu acan nikahnya?”
Ambu                  :  “Muhun. Putra abdi teh nembe uih ti Australia. Kuliah kitu. Kunaon kitu, Nin?”
Nini                    :  “Kaleresan, Kami gaduh incu anu tacan nikah.”
Ambu                  :  “Wah sae atuh. kumaha mun urang jodohkeun wae?”
Nini                    :  “Tah eta maksad kami teh? Saha nami putra Pak Haji?”
Abah                  :  “Raymond. Tah janten atuh nya. Langsung we urang tangtukeun tanggal lamarannana?”
Nini                    :  “Mangga atuh Pak Haji.”
Ambu                  :  “Hah, kumaha upami minggu payun? Soalna, minggu payunna, abdi sakulawarga bade ka Australi kanggo wisudaan Raymond.”
Nini                    :  “Langkung enggal langkung sae.”
Aranjeunna satuju yen aranjeunna bade ngajodokeun Raymond sareng Enuy.

bu Hj.Sobar ngusahakeun kanggo nepikeun ka anakna perkawis pajodoan ieu. Tangtu Raymond geuwat nolak sabab anjeunna tos ngagaduhan kabogoh.
Ray            :        “Alim pokona, Ambu.”
Ambu        :        “Teu bisa kitu jang. Kulawarga urang teh hutang budi ka kulawarga Nini Bahri. Abah teh bareto tos disalametkeun dina kacelakaan di deket walungan ku putrana Nini Bahri, Kang Dadang, dugi ka anjeunna palid tuluy pupus.”
Ray            :        “Hiji, Ujang teu terang saha jalmina. Kadua, Ujang tos kagungan kabogoh. Katilu.... Ah teu tiasa judah-jodoh atuh Bah. Da sanes zaman siti nurbaya ujang teh.”
Ambu        :        “Anjeun teh tos gaduh kabogoh? PUTUSKEUN. Pokona urang kedah ngawaler jasa kulawarga eta.”
Ray            :        “Saha kitu namina, ambu?”
Ambu        :        “Euleuh ambu hilap teu naros.”
Ray            :        “Pokona mah alim, Ambu.”

Teu lila ti poe harita, waktos Umi nuju riweuh nyandak balanjaan di pasar, aya hiji pamuda nu ngadeukeutan tuluy nawarkeun pami aya nu kedah di bantosan.
Ray            :        “Bade dibantosan, Mi.”
Umi           :        “Oh sawios. Umi tiasa nyalira.”
Ray            :        “Teu sawios da, Mi.”
Umi           :        (Gumujeng ningali Ray mangnyandakkeun balanjaannana)
Ray            :        “Bade kamana, Mi?”
Umi           :        “Bade uih. Dugi ka pangkalan ojeg ue nya, Jang. Eh ai kakasih Ujang saha?”
Ray            :        “Ray, Umi.”
Umi           :        “Oh Ray. Kacida bageurna. Cobi mun anak Umi tiasa nikah sareng Jang ray.”
Ray            :        “Ah Umi. Bisa wae heureuyna.”
Umi           :        “Eh, umi mah teu heureuy. Leres. Serius. Umi teh gaduh parawan anu teu acan nikah. Cobi wae upami putri Umi tiasa nikah sareng, Ujang.”
Ray            :        “Ah Umi. Eh mi, tos dugi.”
Umi           :        “Oh nuhun, jang Ray. Pami salse, ameng ka bumi umi nya. Caket kebon teh atanapi caket juragan angkot tea. ”
Ray            :        “Muhun, Mi.”
Ahirna Umi uih naek ojeg nyandak balanjaanna.

Saprak dugi di bumi, Umi langsung masihan terang ka Enuy yen Umi tos mendakan sosok pibojoeun nu tiasa janten caroge Enuy.
Enok          :        (Nuju ngakeul)
Umi           :        “Enuy. Nuy. Enuy!! Nok Enuy mana?”
Enok          :        “Di lebet Umi.”
Enuy         :        “Aya naon, Mi?”
Umi           :        “Tah geuning. Umi tos mendakan calon caroge kanggo Enuy.”
Enuy         :        “Saha Umi?”
Umi           :        “Namina Ray. Bageur teh. Tadi mantuan Umi nyandak balanjaan.”
Nini           :        (ujug-ujug datang). “eits. Teu bisa. Nini tos mendakan calon salaki jang Enuy. Anakna Pak H.Sobar, namina Raymond.”
Enok          :        “Teu bisa kitu atuh, Nin. Emangna muning maen ngawinkeun kitu wae. Kedah naros persetujuan Enuy heula atuh, Nin.”
Nini           :        “Maneh!! Cicing!! Neangan suami ge teu baleg rek mamatahan Kami!”
Enok          :        “Tong ngungkit-ngungkit nu lami atuh Nin!! Eta ma masa lalu!!”
Nini           :        “Ah cicing maneh!!”
Umi           :        “Nya mun umi mah kumaha Enuy ue. Asal Enuy bogoh mah. Nya mangga wae.”
Enuy         :        “Ah alim, Umi, Enin. Enuy mah tos gaduh kabogoh. Taros ue ka teh Enok.”
Enok          :        “Muhun, Umi. Jalmina oge bageur teh. Unggal poe sok jalan-jalan sareng Enuy pan.”
Umi           :        “wah? Saha namina saha namina?”
Enok          :        “Namina Ujang, Mi.”
Nini           :        “Ah namina oge tos ujang pasti hirupna balangsak!!”
Enuy         :        “Nya henteu atuh Nin. Nu penting mah Enuy bogoh ka kang Ujang.”
Nini           :        “Teu bisa!! Pokokna mah isukan kulawarga H.Sobar rek kadieu, rek ngalamar anjeun.”
Enuy         :        “Embung.”
Nini           :        “Enuy!!”
Enuy         :        “Embung.”
Nini           :        “Enuy!!”
Enuy         :        “Pokokna mah embung.embung.embung.”(ninggalkeun tempat)
Umi           :        “Enuy!!” (ngagorowok ngudag Enuy)

Di sisi sanesna....
Ambu        :        “Jang tong hilapnya, enjing acara lamaran tea.”
Ray            :        “Teu bisa dibatalkeun ambu?”
Ambu        :        “Teu tiasa Ujang.”
Ray            :        “Terus Enuy kumaha? Ujang teh tos bogoh pisan ka Enuy. Enuy oge sabalikna.”
Ambu        :        “Kieu nya jang. Ayeuna mah putuskeun we Enuy. Ujang kedah rumasa yen ujang teh anak lalaki abah jeung ambu hiji-hijina. Upami sanes ku ujang, ku saha deui eta hutang tiasa di bayar.”
Ray            :        “Nya atuh, ambu. Insya Alloh ujang usahakeun.”
Ambu        :        “Tong ngusahakeun-ngusahakeun sagala. Pokona mah, putusekeun eta Enuy. Anggap we enuy teh lain jodo ujang. Da jodo mah tos ditangtukeun ku Nu Kawasa, Jang.”
Ray            :        “Muhun ambu, Ujang siap. Ayeuna, ujang bade ka kebon teh heula nya, bah. Bade papendak sareng Enuy.”
Ambu        :        “Tong hilap. PUTUSKEUN.”
Ray            :        “Muhun, ambu.”

Raymond sareng Enuy ameng deui ka kebon enteh sapertos biasana. Raymond teu tega ngawartosan yen anjeunna dijodokeun. Raymond heuheureuyan we sareng Enuy. Dugi ka aranjeunna cape, tuluy Enuy nyaritakeun kaayaan nu nimpa anjeunna.
Enuy         :        “Terus ayeuna kumaha atuh, Kang?”
Ray            :        “Akang ge teu terang. Sabenerna mah akang oge di jodohkeun ku Abah.”
Enuy         :        “Euleuh sedih Enuy mah. Deui Enuy mah dilamarna enjing.”
Ray            :        “Akang ge bade ngalamar enjing.”
Enuy         :        “Euleuh beuki sedih. Terus akang narima?”
Ray            :        “Matakna abang kadieu teh, kieu nya. Apa ti Istri anu bade di lamar ku akang teh tos nulungan abah. Abah teh ngarasa hutang budi. Akang salaku anakna kedah ngabayar hutang eta.”
Enuy         :        “Jadi akang narima teu?”
Ray            :        “Hapunten Nuy. Akang salaku anakna mah narima we. Akang ge beurat narimana. Tapi da kumaha deui atuh.”
Enuy         :        “Terus Enuy kumaha, Akang?”
Ray            :        “Ayeuna mah Enuy tarima we yen Enuy teh sakedap deui bade dilamar. Meureun we urang mah teu jodo, Nuy.”
Enuy         :        “Tapi Enuy mah hoyong sareng akang.”
Ray            :        “Enuy. Hapunten akang teu tiasa nulungan. Da akang mah alim jadi anak durhaka.”
Enuy         :        “Terus jang naon atuh akang masih keneh ngajak Enuy ka dieu. Ngajak putus lain?”
Ray            :        “Hapunten, Nuy.”
Enuy         :        “Enuy geuleuh ka akang!!”(ninggalkeun kajadian)

Enjingna, acara lamaran diayakeun. Acara diayakeun sabasajan pisan. Tapi Enuy keukeuh teu narima perkawis pajodoan ini. Anjeunna tutuluyan ceurik, ngadu ka tetehnya perkawis pajodoan ieu. Sementawis di bumina bade berlangsung acara lamaran. H.Sobar sareng Raymond datang....
Nini           :        “Neng, tuh besan teh tos dongkap.”
Umi           :        “Mana, Nin?”
Nini           :        “Wilujeng sumping, Pa Haji.”
Abah        :        “Hatur nuhun.”
Nini           :        “Oh ieu nu namina Raymond teh? Kasepnya.”
Ray            :        “Enin.” (nyapa)
Umi           :        “RAY??”
Ray            :        “Umi?”
Umi           :        “Nin, geuning pibojoeun anu neng pilih teh sami sareng nu Enin pilih.”
Nini           :        “Enya atuh. Pilihan saha heula.”
Umi           :        “Mangga pak haji lebet.”
 Aranjeunna lebet....
Di ruang acara....
Ray            :        (tungkul nandaan sedih)
Ambu          :        “Ceu, punten, mana atuh putri euceu teh?”
Umi           :        “Aya nuju di kamar sareng ttehna.”
Nini           :        “Cik sauran, Neng.”
Umi           :        “Muhun atuh, Nin. Sakedapnya Pak Haji.”
Umi           :        “Enuy pibojoeun tos dugi, Nuy. Hayu atuh, geura kaluar Nuy.”(janten patung)
 (di kamar)
Enuy         :        “Enuy mah alim dijodo-jodokeun kieu teh, teteh.”
Enok          :        “Nya teteh oge teu tiasa ngalakukeun nanaon, Nuy.”
Enuy         :        (ceurik)
Entin             : atos teh atos,enging nangis wae. Merenan ieu jodoh kanggo teteh
Enuy             : manehmah teu ngarti tuda tin,teteh mah embung di jodohkeun
Enok          :        “Ai saur Ujang kumaha ceunah?”
Enuy         :        “Kang ujang oge teu tiasa nanaon. Da anjeunna oge dijodokeun ku apana ka anakna jalmi nu tos nulungan apana.”
Enok         :        “Sanes jodo meureun,  Nuy. Mugi we jalmi ieu tiasa janten jodo Enuy. Teu gagal sapertos teteh.”(saeutik ceurik sabari ngusapan mastaka Enuy)
Enuy         :        “Teteh...” (ngusap ci panon Rina)
Enok         :        “Teteh ge nikah sareng jalmi anu tteh cinta tapi...sangsaraaa Nuy.”
Enuy         :        “Teteh tong nangis.”
Enok         :        “Tos yu. Tos di sauran ku Umi.”
(Enuy, Rina kaluar ti kamar)
Umi           :        “Pibojoeun tos dugi. Hayu geulis.”
Enuy         :        (tungkul)
Enok         :        “Tos atuh tong sedih wae.” (ngaharewos)
Umi           :        “Tah ieu putri abdi nu geulis tea.”
Ray            :        “ENUY??”
Enok         :        “ANJEUN!!! Nuy, tingali saha calonna. Pibungaheun Enuy sigana mah.”
Enuy         :        “KANG UJANG??”
Umi           :        “Hidep silih kenal??”
Nini           :        “Tuh nya pinilih Enin mah pas wae.”
Ambu        :        “Oh jadi salami ieu teh kabogoh ujang teh Enuy budakna Ceu Mumun?”
Ray            :        “Sumuhun geuning, Bah. Tos lah tong lamaran sagala. Langsung ue nikah!!”
Enok         :        “Eits teu tiasa. Kedah ngaliwatan proses heula atuh Jang. Mani teu sabar.”
Ambu            :        “Tos nu penting mah hikmah na dina poe ieu, teu aya pihak nu dikorbankeun ku pajodoan ieu. Ayeuna mah mangga urang langsungkeun we ieu acara.”
Ahirnya, Raymond ngalamar Enuy. Gadis anu dijodokeun ku apana sakaligus kabogohna sorangan.

SELESAI